Sei sulla pagina 1di 1

Assalamualaikum Wr Wb,

Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring
dipikacinta. Alhamdulillah urang sadayana dina waktos anu sae ieu tiasa kempel. Simkuring salaku wakil
ti kelas genep anu sakedap deui bade ngantunkeun ieu sakola, kapapancenan tugas kanggo nyarios dina
ieu acara.

Simkuring salaku wakil ti rerencangan kelas genep ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka bapa sareng ibu
guru sadayana, anu parantos ngaping sareng masihan piwuruk ka simkuring sareng rerencangan
sadayana salami genep taun anu tangtosna teu kinten seueur pisan mangpaatna kanggo simkuring
sareng rerencangan sadayana.

Dina waktos anu sae ieu simkuring sareng rerencangan sadayana oge bade nyuhunkeun dihapunten ka
bapa sareng ibu guru sadayana, bilih aya kalepatan atanapi tingkah polah simkuring sareng rerencangan
sadayana anu kirang sae. Mugi-mugi kasaean bapa sareng ibu guru sadayana tiasa dibalas ku Allah SWT
ku kasaean nu langkung ageung deui.

Rupina dicekapkeun sakitu cariosan ti simkuring salaku wakil kelas genep. Nyuhunkeun dihapunten
upami aya cariosan simkuring anu kirang merenah.

Wassalamualaikum Wr Wb,

Simak lebih lanjut di Brainly.co.id - https://brainly.co.id/tugas/13316224#readmore

Potrebbero piacerti anche