Sei sulla pagina 1di 11

PANGAJARAN 1 BIANTARA

KOMPETENSI DASAR

3.1 Memahamidan mengidentifikasi teks biantara dengan memperhatikan fungsi sosial,


struktur teks, dan unsur kebahasaan yang benar dan sesuai konteks.

4.1 Menyajikan teks biantara dengan memperhatikan fungsi sosial, struktur teks, dan
unsur kebahasaan yang benar sesuai konteks.

A. Mikaweruh Biantara

1. Nengetan Biantara

Conto 1

MIARA SARENG NGAMUMULÉ BASA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil alamin, wabihi nastainu ala umuri dunya waddin, washolatu
wassalamu ala asrofil ambia walmursalin wa’ala alihi washohbihi ajmain. Amma ba’du
Tos sakedahna pisan dina wanci ieu urang munajat ka Alloh SWT, anu parantos ngusik
malikkeun urang saban waktos, siang kalawan wengi. Ogé kalintang saéna saupami dina ieu
waktos urang muja ka Gusti urang sadaya, anu parantos maparin jatah yuswa ka urang sadaya ti
kawit gubrag ka alam dunya dugi ka jajapna engké ka yaumil jaja.

Para wargi sadaya hormateun sim kuring.

Malati lingsir na ati, angsana ligar na mangsa. Hamo lingsir upami sanés wanci, hamo
ligar upama sanés mangsa. Wancina sareng mangsana urang tiasa patepung lawung, patepang
raray. Para sepuh, sesepuh, tur nu dipisepuh, kalih ingkang wargi sadaya, sateuacanna sim
kuring neraskeun ieu biantara, ti payun neda tawakup anu kasuhun,boh bilih sim kuring kirang
tata titi, duduga peryoga, langkung saur bahé carék, rumaos sim kuring mah sanés pujangga nu
mahér ngararangkén carita, sareng sanés jalmi nu pinter ngalarapkeunana.

Para wargi sadaya. Dina ieu kasempetan sim kuring badé nyobian medar perkawis ‘Perluna
Ngamumulé Basa Sunda”.

Basa téh mangrupa jandéla dunya. Ciri tina jati diri manusa nu ngancik di hiji nagri. Kitu deui
basa Sunda, anu mangrupa salah sahiji tina bagéan budaya di Indonésia. Basa nu mibanda
kaéndahan nu sampurna. Sanés mung sakadar kanggo gunem catur wungkul, naming ogé
mangrupi basa batin nu tiasa mangaruhan kanggo unggal jalma nu nganggona. Matak tengtrem
kana ati sanubari, kanggo urang nu ngaregepkeunana. Tos janten pasipatan urang Pasundannu
handap asor, soméah hadé ka sémah, tur daréhdéh ku margi kenging pangaruh tina basa Sunda
nu di anggé sadidintenna.

Namung hanjakal pisan dina jaman kiwari, sawatara nonoman Sunda tos ampir hilap kana basa
warisan para karuhunna. Teu sadar upama laun-laun mah, basa nu kapungkur dipikareueus
sarta diagul-agul téh, bakal ilang tanpa karana tina kahirupan urang nu aya di tatar Sunda.
Seueur para nonoman Sunda, nu kirang ngahargaan kana basana sorangan. Atanapi teu tiasa
ngalarapkeunana. Saupami urang nengetan paripolah bangsa urang ayeuna, kalebet nonoman
Sunda kiwari, boh dina sasauran atanapi dina paripolah sadidinten sok matak ngahariwangkeun.
Margi asana téh parantos tebih tina ajén-ajén bangsa urang, komo komo upami ditilik tina
ajéninajén karuhun urang nyatana Ki Sunda téa. Hal sarupi kitu, sigana arang langka aya nu
maliré. Margi aranjeunna ogé sami poékeun kumaha tapak lacak Ki Sunda nu samistina. Mangga
urang galih sareng émutan ku urang sadaya, seueur kénéh nonoman Sunda, sélér suku Sunda,
anu dumuk di tatar Sunda, naming masih teu tiasa kanggo ngalarapkeun basa Sunda nu bener
tur merenah. Upamana baé dina ngalarapkeun kecap pun. Ngalarapkeun kecap masih kénéh
aya nu pagentos, nu kedahna pun adi namung naha bet dilarapkeun janten pun rai.

Tiasa janten ieu hal téh balukar tina kirangna panyaring kana majuna élmu pangaweruh serba
rinéka jaman. Contona wawé tiasa diétang ku ramo seueurna ‘média cétak’ anu ngaluarkeun
buku atikan atanapi buku sanésna dina basa Sunda. Kitu deui dina ‘média éléktronik’. Langka
pisan pintonan nu luyu sareng larapna basa Sunda nu bener tur merenah.

Di sagédéngeun éta atikan perkawis basa Sunda di paguron atanapi di sakola-sakola kacida
kirangna, upama ku urang dibandingkeun sareng pangajaran basa sanésna. Lianti waktosna nu
samporét seueur guruna ogé nu kirang parigel dina ngatik para siswana, supados tiasa
ngagunakeun basa Sunda nu bener larapna, atanapi ngajaga sareng miara basa Sunda.

Hadirin hormateun sim kuring.

Kadang aya sepuh nu tulén urang Sunda, saupami ngadidik para putrana dina
sadidintenna sok ngaraos lingsem upami kedah nganggo basa Sunda téh. Masihan ka putrana,
dina komunikasina téh sakapeung sok nganggo basa Sunda nu garihal, kasar karaosna. Atuh
kumaha urang ngadidik para putra supados ngagunakeun basa Sunda nu saé téh ?

Miara sareng ngamumulé basa Sunda téh kacida peryogina. Utamina dina komunikasi
sadidinten. Sawadina upami di sakola-sokola, di lingkungan tatar Sunda, ngawajibkeun ka para
siswana kanggo ngagunakeun basa Sunda dina sadidintenna. Ulah ‘Englisg Day’ baé anu popular
téh. Tapi di sakola-sakola téh, ti ngawitan TK dugi ka paguron luhur aya istilah Poé Basa Sunda
‘Sundanésé Day’. Diwajibkeun para siswa téh kanggo ngagunakeun basa Sunda nu luyu sareng
aturan. Sigana téh upama dikitukeun mah, para siswa téh bakal kahudang ati sanubarina
kanggo miara sareng ngamumulé basana sorangan tur apal kana ajén-inajén kasundaan.

Dina danget ieu sim kuring umajak ka sakumna dulur-dulur anu aya di tatar Sunda, hayu urang
paheuyeuk-heuyeuk leungeun, sasarengan miara sareng ngamumulé basa Sunda. Bade ku saha
deui atuh basa Sunda téh dipiara sareng dimumulena, upami sanes ku urang sorangan. Mangga
geura arémutan !

Hadirin hormateu sim kuring.

Sakitu anu kapihatur, naon rupi hal nu dikedalkeun tadi téh mangrupi bangbaluh nu
nyangkaruk dina hate salami ieu. Hapunten anu kasuhun, boh bilih dina cumarios tadi téh
pondok nyogok, pajang nyugak, mugi ageung paralun, neda jembar pangampura. Hatur nuhun
kana sagala rupi perhatosanana.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Diropea Deris, 042018


Conto 2

BIANTARA LAPORAN PANITIA PASANGGIRI PUPUH

Hatur nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan waktos sareng tempat ka sim kuring
kanggo ngadugikeun laporan panitia. Salajengna sim kuring seja ngadugikeun salam ka
sadayana; assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh, ditema ku kedaling puji ka Gusti
Anu Maha Suci: alhamdulillahi robbil alamin, réhna ku ayana widi ti Mantenna ieu acara tiasa
lumangsung kalawan lungsur-langsar.
Hadirin anu dipihormat,
Simkuring sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna réngréngan panitia anu
parantos dipasihan kapercantenan kanggo ngokolakeun kagiatan Pasanggiri Pupuh tingkat
kacamatan. Sim kuring saparakanca anu jumlahna opat welas jalmi kalawan resmi parantos
diSK-an ku Bapa Camat,dua sasih anu parantos kalangkung. Nya ti ngawitan harita sakumna
panitia cuh-cih, ngayakeun gempungan, nyusun rarancang kagiatan milarian waragad,
nangtoskeun waktos sareng tempat lumangsungna pasanggiri, nyebarkeun uleman kasakumna
calon patandang, nangtoskeun dewan yuri atanapi girang pangajén, dugi ka derna pisan acara
dina dinten ieu. Sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun nuhun ka Bapa Camat anu parantos
masihan kapercantenan kanggo janten panitia. Ieu kedaling nuhun téh ogé disanggakeun ka
sakumna sesepuh sareng para seniman katut budayawan anu parantos masihan panuyun,
bongbolongan sareng rupi-rupi bahan ka panitia. Tanpa ayana panuyun ti aranjeunna, simkuring
sapara kanca bakal seueur utag-atog dina ngalaksanakeun ieu kagiatan téh. Teu hilap deuih sim
kuring saparakanca nganuhunkeun ka Bapa-bapa sareng Ibu-ibu stap kacamatan katut lembaga
sanésna anu seueur pisan masihan bantuan ka sakumna masarakat Kacamatan Cikarang,
hususna pisan mah ka anu ngiring ancrub janten patandang ieu pasanggiri.
Pasanggiri Pupuh anu dilaksanakeun ayeuna téh mangrupi kagiatan munggaran di
wewengkon kacamatan urang mah. Namung sok sanaos kitu, Alhamdulillah pangbagéa ti
masarakat kaétang ageung. Buktosna waé ti dalapan désa anu aya diwewengkon Kacamatan
Cikarang, sadayana ngintunkeun utusan. Salajeungna ku sim kuring bade didugikeun ka Bapa
Camat sareng sakumna anu hadir; kanggo tingkat SD aya 46 patandang, sareng kanggo tingkat
SLTP aya 18 patandang. Ku emutan simkuring mah ieu jumlah p[atandang téh kaétang
nyugemakeun.
Jalaran patandang kaétang seueur ,ieu pasanggiri téh bade di dua dintenkeun; dinten ieu
sareng dinten énjing. Kanggo dinten ieu,patandang tingkat SD anu kabagéan waktosna. Énjingna
giliran tingkat SLTP, bari disakantenankeun sareng wawaran kajuaraan. Dupi pamasrahan
hadiah mah Insya Alloh bade disarengkeun dina acara resepsi 17 Agustus, sakantenan
digabungkeun sareng pamasrahan hadiah kanggo pasanggiri katut perlombaan sanésna.
Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku sadya patandang nya éta milih salah sawios
tina pupuh sekar ageung;Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng Dangdanggula. Upami pupuh
pilihanana, saban patandang tiasa nyandak salahsawios tina luareun anu opat nembé. Boh
pupuh wajib boh pupuh pilihan, sadayana ogé parantos disadiakeun ku panitia.
Dina ieu kasempetan, sim kuring sakantenan deui ngadugikeun saha-sahana girang pangajén.
Tangtos kanggo urang mah moal biruek deui. Girang pangajén disesebuhan ku Bapa Panilik
Kabudayaan,lajeng diwuwuhan ku réngréngan anggotana anu seueurna opatan, nya éta Ibu Hj.
Cicih Sundarsih, Bapa Drs. Diki Darmawan, Bapa Ahmad Sahroni, sareng Ibu Dra.
Yuningsih.Alhamdulillah,sadayana girang pangajén ayeuna parantos tiasa sumping.
Hadirin hormateun sim kuring,
Ieu acara pasanggiri tiasa lumangsung kumargi aya pangrojong ti sakumna pihak. Jalaran
kitu,sim kuring saparakanca teu kinten nganuhunkeunana. Pamugi waé kasaéan Bapa ,Ibu,
sareng Sadérék sadayana kalebet kana amal anu baris diganjar ku Alloh SWT.Amin.
Ku tiasa lumangsungna ieu pasanggiri téh simkuring saparakanca gaduh harepan, mugimugi
waé perhatosan urang kana seni budaya titinggal karuhun sing tambih ngaronjat. Ieu pasanggiri
pupuh, mugi-mugi sing kalebet kana tarékah pikeun miara sareng mekarkeun salasawios jati diri
urang.
Minangka pamungkas pisanggem, sim kuirng saparakanca seja nyuhunkeun dihapunten tina
sagala kakirangan dina ieu acara. Sok sanaos ari dina leresan tataharna mah asa tos maksimal,
tapi rupina ari kakirangan mah sok aya waé.l Janten, hapuntenna anu kasuhun, utamina ka
sakumna patandang, girang pangajén, sareng para uleman.
Sakitu anu kapihatur. Pamugi ieu acara téh sing tiasa lancer dugi ka lekasanana. Sareng waé aya
dina rido Gusti Anu Maha Suci. Amin.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Drs. Tatang Sumarsono. 1417 Mulud. Biantara Basa Sunda

2. Miharti kecap

Dina téks biantara conto ka 1 di luhur aya sababaraha kecap nu dianggap hésé, pék éta kecap-
kecap téh ku hidep téangan hartina !
medar = nerangkeun, ngajelaskeun, ngajéntrékeun
sawatara = Sabagéan, sababaraha
wanci = Waktu, waktos
dipikareueus = Dipikadeudeuh, dipikanyaah
munajat = Ménta pitulung, muntang
karuhun = Jalma nu kungsi aya heulaeun urang
kalintang = Kacida, kaliwat
nonoman = Nu ngora, nu aranom
lingsir = Pindah, ngésér
ilang tanpa karana = Leungit teu pupuguh
ligar = Mangkak, ngagedéan
ngamumulé = Ngurus, miara enya-enya
patepung lawung = Papanggih, pajonghok
ngancik = cicing matuh
sesepuh = Jalma nu dipikolot
Tina conto biantara ka 2 di luhur kapanggih aya kecap-kecap:
Kedaling = cariosan, omongan
Widi = idin
Lungsur-langsar = lancer, euweuh halangan
Sakumna = sadayana, saréréa
Réngréngan = susunan sawatara jelema nu ngarupakeun panitia
Gempungan = babadamian, musawarah
Pasanggiri = lomba
Patandang = nu milu lomba, ‘peserta’
Bongbolongan = naséhat, papatah
Utag-atog = teu apal jalan
Munggaran = mimiti
Wewengkon = daérah
Tarekah = usaha
Jati diri = ciri kapribadian
Aub = milu, ulubiung
Reueus = resep, agul
Linuhung = luhur budi, luhur élmu
Ahéng = anéh
Harénghéng = nimbulkeun rasa hariwang
Ngariksa = ngajaga, miara

3. Mikaweruh Biantara

Biantara atawa pidato nya éta nyarita dihareupen balaréa pikeun nepikeun hiji perkara ti
hiji jalma atawa intansi sacara lisan. Disawang tina sipatna, biantara téh kaasup komunikasi
lisan nu sipatna ngan saarah. Disebut komunikasi saarah lantaran panyaturna aktif
sedengkeun pamilon/pamirsana mah pasif (teu aya hubungan timbal balik). Aya sababaraha
cara/tehnik nepikeun biantara diantarana:

1) Maca, nya éta biantara ku cara maca naskah atawa téks.

2) Ngapalkeun naskah, nya éta hal nu rék ditepikeun ditulis heula terus diapalkeun.
3) Nyatet inti biantara, nya éta biantara langsung/teu maké naskah tapi nyatet gurat badag
nu rék ditepikeun (ékstémporan).
4) Dadakan (impromtu), nya éta biantara anu henteu ngagunakeun naskah. Diatalar
saayana diluyukeun jeung kaayaan nu keur disanghareupan.
Biantara téh ngabogaan tilu bagian poko nya éta bubuka, eusi, jeung panutup. Bubuka
biantara biasana ngawengku salam bubuka, puji syukur ka nu Agung, sarta nepikeun téma
biantara. Eusi biantara mangrupa poko-poko pedaran nu dipimaksud. Panutup biantara
mangrupa kacindekan, sanduk-sanduk tina kasalahan, do’a, jeung salam panutup.

Sangkan biantara nu ditepikeun ku urang narik ati, urang kudu mikaweruh cara-cara
/padika nepikeun biantara, di antarana nya éta:

1) gaya (pasang peta)


Gaya biantara kudu pikaresepeun pamiarsa, malar nu ngaregepkeun saregep
ngabandungan kana hal nu ditepikeun;
2) sorot panon
Sorot panon kudu sumebar ka sakumna pamiarsa ulah museur ka hiji titik.
3) ucapan (sora)
Sora kudu jelas tur kapireng ku sakabéh pamiarsa;
4) lentong
Lentong kudu merenah henteu teugeug, aya turun - naékna sora henteu datar.
5) ngagunakeun istilah/gaya basa (mamanis basa)
Ngagunakeun istilah/gaya basa/babasan/paribasa nu merenah luyu jeung pedaran
biantara nu ditepikeun.
6) nyeselkeun banyol
Nyeselkeun bayol dina waktu biantara. Miharep pamiarsa teu gancang bosen enggoning
miring biantara nu keur ditepikeun.
B. Mikaweruh Kabahasaan Mikaweruh Kalimah Pagawéan, Sipat, Bilangan, jeung
Kalimah Barang

Tengetan sababaraha conto kalimah ieu di handap sing nepi kapaham kana maksudna!
1) Pupuhu Komite dihaturanan linggih di tempat anu tos disayogikeun!
2) Sim kuring isin kacida.
3) Buku bacaan dongéng lima judul di perpustakaan sakola.
4) Endah pupuhu OSIS SMP Negeri 1.
Upama kalimah di luhur dirucat dumasar kana fungsi kalimahna jadi kieu:
1) Pupuhu Komite nganggo acuk batik ka sakola. J
(jejer) C (caritaan) P(Pangrandap) K (katerangan) 2) Sim
kuring isin kacida.
J (jejer) C (caritaan)
3) Buku bacaan dongéng lima judul di perpustakaan sakola.
J (jejer) C (caritaan) K (katerangan)
4) Endah pupuhu OSIS SMP Negeri 1.
J (jejer) C (caritaan) Dina kalimah kahiji,

Pupuhu Komite nganggo acuk batik ka sakola.


J (jejer) C (caritaan) P(Pangrandap) K (katerangan)
C (caritaan) diwangun ku kecap/prasa pagawéan. Kalimah nu C (caritaanana) diwangun
ku kecap/prasa pagawéan disebut kalimah pagawéan.

Perhatikeun conto sejenna:

- Manéhna manggul karung ti sawah.


J C P K
- Munding ngadaharan jukut di sampalan
J C P K
- Ida ngagaleuh endog
J C P

Dina kalimah kadua,

Sim kuring isin kacida.


J (jejer) C (caritaan)

C (caritaan) diwangun ku kecap/ prasa sipat. Kalimah nu C (caritaanana) diwangun ku


kecap/prasa sipat disebut kalimah sipat.

Perhatikeun conto sejenna:

- Kaka Fathia soléhah pisan.


J C
- Néng Maghfira geulis pisan.
J C
- Ade Keyne mani pinter.
J C

Dina Kalimah katilu,

Buku bacaan dongéng lima judul di perpustakaan sakola.


J (jejer) C (caritaan) K (katerangan)

C (caritaan) diwangun ku kecap/ prasa bilangan. Kalimah nu C (caritaanana) diwangun ku


kecap/prasa bilangan disebut kalimah bilangan.

Perhatikeun conto sejenna:

- Jeruk tilu siki dina tangkalna.


J C K
- Hayam sajodo di jero kandangna.
J C K
- Gelas salosin dina dusna.
J C K
Dina Kalimah kaopat,

Endah pupuhu OSIS SMP Negeri 1.


J (jejer) C (caritaan)

C (caritaan) diwangun ku kecap/ prasa barang. Kalimah nu C (caritaanana) diwangun ku


kecap/prasa barang disebut kalimah barang.

Perhatikeun conto sejenna:

- Bu Silpani guru basa Sunda di SMPN 7.


J C K
- Kang Kardi Camat di Karang Resik.
J C K
- H. Muhtadin ustad di Ciménténg.
J C K

Tegesna, hiji kalimah disebut kalimah pagawéan, sipat, bilangan, atawa kalimah barang
gumantung ka C (caritaan) nu ngawangunna.

Potrebbero piacerti anche