Sei sulla pagina 1di 2

dikawitan ku Asamana Allah anu maha welas sinareng asih,

Ieu catetan di cutat tina kabudayaan urang, ageung alitna

mugi aya manfaat kanu nyutat sareng kanu maraos,

mangga nyanggakeun.

Harti Sunda
Kaleresan dini hiji waktos, aya hiji murid tumaros ka Guruna. Kieu panarosanana teh:
Kumaha prakna ngabakti nu sampurna ka Gusti Allah teh?
Dimana nyatana Allah ta’ala teh?
Iraha kanyahoanana ku abdi teh?
Sabaraha nu kedah ditekadkeun ku abdi?
Sanggeum Guruna: “Euh Agus! Ayeuna Agus the geus pinuh ku “Karaha” dunya,
lantaran geus kalimpudan; akhirna poho ka asal. Ari mungguh Gusti Allah mah Agus, teu
“Sabaraha”, teu “Iraha”, teu “Dimana”, teu “ Kumaha”. Ayeuna mah Agus! Sing sabar
wae tolabna, engke oge laun-laun kaharti: Sanggem Guruna.
Kupribados eta kecap-kecap guruna dihartian kieu: saperti kecap-kecap ieu:
1. “Sabaraha”, kecap Saba (nyata), kecap raha (ra-rahi ceuk basa Cirebon), ceuk
Sunda, “rahi” teh beungeut, hartosna = “Sabeungeut”.
2. “Iraha”, I = ieu kecap raha=rahi (beungeut) hartina= Ieu Beungeut.
3. “Dimana” , kecap Di (adi) hartosna permata nu dumeling herang, kecap mana
(ma’na) hartosna buktikeun, pihartosaeun “Dimana” teh = permata nu dumeling
herang teh buktikeun.
4. “Kumaha”, kecap Ku= aing, kecap maha=mahi (cukup teu aya kakurang)
hartosna=Aing mahi (cukup, mulya).
5. “Karaha”, kecap Ka (panuduh) kecap raha (rahi)=beungeut, jadi hartosna karaha
teh kana beungeut.

Ringkesna:
“Sabaraha” (kali) “ nyatana beungeut”.
“Iraha” (nyanghareupna) “ieu beungeut”.
“Dimana” (nyatana) “ permata buktina”.
“Kumaha” (nu matak) “ aing mahi” (cukup).
“Karaha” (ngahalangan) “ ka beungeutna”.

Jelema teh upama rek maju kana kasampurnaan, kudu nyaho bobotna diri pribadi, teu
guna nganyahokeun bobotna diri batur, kudu daek narimakeun sagalana kakurangan,
kagorengan atawa kabodoan sorangan, kudu rumasa yen bodo, kudu daek nanya kadiri
sorangan kieu:
1. naha aing geus sampurna?
2. naha aing geus pinter
3. naha aing hirup teh euweuh cawadeun batur, heunteu haweuk?
4. naha aing rajeun ngomongkeun batur?
5. naha aing aya teu kateu karesep ka batur?
6. naha aing geus payaan?
7. naha aing geus bisa meruhkeun hawa nafsu, meruhkeun sasarna ingetan?
8. naha aing geus ajeg dina makena pancaindra?
9. naha aing sabar atawa gede ambek?
10. naha aing sok nguluwut?
11. naha aing sok bingung, loba kasusah?
12. naha aing geus tara gedag kaanginan ku rupa-rupa kasusah?
13. naha aing geus ngagunakeun hirup supaya bisa salametna batur hirup?
14. naha aing geus nyaho naon kersana Allah ngayakeun ieu alam jeung eusina?
15. naha hirup aing geus ngabantu kana kersana Allah?
16. nu disebut kasucian, kamulyaan jeung kasaktian dibadan aing teh, kumaha
ngahudangkeunana supaya beunang dipake?

Tah kaperluan urang hirup teh kudu geus nyumponan pertanyaan eta, lamun eta tabeat
ayana di urang tacan lengkep, tetep hirup teh tacan sampurna, atuh kudu ipil-ipil nungtut
ngayakeun eta tabeat-tabeat nu manjing kana ngaran Manusa, sabab awal-ahir eta tabeat
kabeh kudu kapimilik ku urang, sarta pasti kabina-bina kapimilikna, sabab warisan urang,
asal daek ngeberesihan diri bae, ari lengkepna kamulusan tabeat teh minangka kuncina
keur mukakeun nu kasebut dina no.16, bieu.

Naon ari tanggungan hirup?


Tanggungan hirup the nyaeta:
1. Ngabantu nyampurnakeun jiwa.
2. Ngalakonan bagja cilaka, dihinpinasti-anjar pinanggih, teu menang aral subaha
dina datangna cocoba, sabab kabeh oge bijilna tina geterna patekadan lampah,
ingetan jeung ucap urang baheula.
3. Ngahartikeun kumaha jalan-jalanna, supaya kapal hirup teu salah ngamudina.
4. Tandur melak kahadean.
5. Ngahartikeun kumaha pacantelna urang ka sasama hirup.
6. Nulung jeung nungtun dulur-dulur sasama kawula, nu dina hirupna kakara
lelengkah halu, nyaeta nu teu kaur maju balas tikosewad lampah.

Saha-saha nu teu ngarti atawa teu ngarasa benerna babasan” AYA tapi EUWEUH,
EUWEUH tapi AYA”, jauh moal bisa nimbulkeun welas asih ka sakabeh nu hirup, hese
ngartina yen Allah teh nyalindung dinu caang tur nembrak.

Danakoesoema/grt/KO/39

Potrebbero piacerti anche