Sei sulla pagina 1di 7

PEMERINTAH PROVINSI JAWA BARAT

DINAS PENDIDIKAN
CABANG DINAS PENDIDIKAN WILAYAH VI
SMA NEGERI 1 PASIRKUDA
Jl. Desa Padamulya Kecamatan Pasirkuda Kab. Cianjur 43266
email : smansatupasirkuda@hotmail.com
Website : www.sman1pasirkuda.sch.id

PENILAIAN AKHIR SEMESTER

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA


Kelas / Program : XI /IPA-IPS
Waktu : 90 Menit

PETUNJUK UMUM

1. Bacalah do’a sebelum anda mengerjakan soal;


2. Tulislah dengan jelas nama, nomor peserta, dan kelas pada lembar jawaban yang telah disediakan;
3. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum anda menjawabnya;
4. Dahulukan menjawab soal yang anda anggap mudah;
5. Periksalah seluruh jawaban anda sebelum diserahkan kepada pengawas.

SELAMAT MENGERJAKAN

Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat!

1. Anu disebut sisindiran dina sastra sunda nyaéta ...


A. Karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.
B. Nyindir batur kalawan togmol.
C. Susunan kalimah anu digunakeun pikeun nyindir babaturan nu goréng gawé.
D. Karangan wangun lancaran nu kauger ku guru lagu/wilangan jeung jumlah padalisan dina sapadana.
E. Hiji usaha sangkan caritaan urang teu matak nimbulkeun nyeri haté ka batur.

2. Sisindiran dipasing-pasing kana tilu wanda nyaéta ....


A. Pupuh, guguritan, jeung wawacan
B. Mantra, rarakitan, jeung waawacan
C. Carita pantun, mantra jeung kakawihan
D. Pupujian, carita pantun jeung carita wayang
E. Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan

3. Wanda sisindiran nu diwangun ku dua padalisan dina sapadana disebut ....


A. paparikan
B. rarakitan
C. wawangsalan
D. pantun
E. beluk

4. Mun teu tulus kapaseukna,


Ka pancirna ogé hadé.
Mun teu tulus kalanceukna,
Ka adina ogé hadé.

Sisindiran di luhur minangka conto tina sisindiran wanda ....


A. paparikan
B. rarakitan
C. wawangsalan
D. pantun
E. beluk

5. Bedana paparikan jeung rarakitan nyaéta ...


A. Paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit).
B. Paparikan mah ngan ngabogaan dua padalisan dina sapadana.
C. Paparikan mah kudu papak di puhuna (mindoan kawit).
D. Paparikan mah eusina piwuruk jeung papatah.
E. Rarakitan mah henteu kudu papak ditungtungna (midoan wekas)

Bahasa Sunda .XI. Hal 1 dari 7


6. Teu beunang di situ lembur,
teu beunang di ulah-ulah. (...............) wangsalna nyaeta ....
A. parahu
B. kulah
C. minyak
D. sabun
E. beas

7. "Parawargi, rombongan panganten pameget, jagong tuhur meunang ngunun, haturan wilujeung sumping.
Ka panganten pameget nu lawas di antos-antos, baeu tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek
calik." Wangsal tina eta caritaan protokol nyaeta ....
A. emping jeung jagong
B. emping jeung ekek
C. jagong jeung tutut
D. emping jeung tenggek
E. jagong jeung reuma

8. Sawatara wawangsalan, bagian sindirna geus robah jadi babasan (pakeman basa). Upamana bae:
“perkara teh jadi teu puguh monyet hideungna.” Maksudna nyaeta ...
A. Perkara teh teu puguh tungtungna atawa jalan kaluarna.
B. Teu aya nu ngurus atawa nu mirosea.
C. Teu dipikiran deui lantaran geus kaharti ti sabehdituna.
D. Ari monyet hideung teh nyaeta lutung tea.
E. Ari lutung teh nyaeta salah sahiji spesies tina monyet.

9. Anu lain ciri wawangsalan nyaeta ...


A. Diwangun kudua padalisan dina sapadana.
B. Sapadalisan diwangun ku-8 engang.
C. Ngabogaan hiji cangkang jeung hiji eusi.
D. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana.
E. Wangsalna teu tetela kudu diteangan dina bagean eusi.

10. Biantara saharti jeung kecap lain nyaéta....


A. ngobrol
B. badami
C. nyarita
D. paguneman
E. pidato

11. Runtuyan babagian biantara nyaéta....


A. salam, mukodimah, eusi
B. salam, eusi, panutup
C. bubuka, eusi, panutup
D. bubuka, panutup
E. salam, bubuka, eusi, salam, panutup

12. Titénan sempalan biantara di handap!


Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam.
Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun kajungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
Sempalan diluhur mangrupakeun bagéan tina ... biantara.
A. bubuka
B. eusi
C. panutup
D. salam
E. mukadimah

13. Biantara ceuk istilah nyaéta...


A. Nyarita di hareupeun balaréa kalawan make aturan anu tangtu.
B. Nyarita biasa ngan maké aturan.
C. Nyaritakeun batur di hareupeun umum.
D. Nyarita di hareupeun babaturan
E. Nyarita/paguneman

14. Biantara nu hadé kudu ngeunaan kana kaédah anu bener diantarana nyaéta....
A. tatag nyaritana, aktual témana
B. tetek nyaritana, asal témana
C. singket, padet, tarik nyaritana
D. panjang lébar jeung lila
E. sopan santun, tarik sorana
Bahasa Sunda .XI. Hal 2 dari 7
15. Di handap nu kaasup bagéan tina bubuka biantara nyaéta...
A. Wilujeng ngadangukeun para tatamu.
B. Ngahaturkeun nuhun kana kalinggihan para tatamu sadaya.
C. Ngahaturkeun nuhun kana sagala perhatosanan.
D. Bobo sapanon carang sapakan, hampura anu diteda.
E. Assalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

16. Di handap nu kaasup bagéan tina panutup biantara nyaéta...


A. Dupi anu badé disanggakeun nyaéta ngeunaan Pamuda Anu Wijaksana.
B. Ngahaturkeun nuhun kana kalinggihan para tatamu sadaya.
C. Ngahaturkeun nuhun kana sagala perhatosanan.
D. Bobo sapanon carang sapakan, hampura anu diteda.
E. Assalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

17. Di handap nu kaasup bagéan tina eusi biantara nyaéta...


A. Dupi anu badé disanggakeun nyaéta ngeunaan Pamuda Anu Wijaksana.
B. Ngahaturkeun nuhun kana kalinggihan para tatamu sadaya.
C. Ngahaturkeun nuhun kana sagala perhatosanan.
D. Bobo sapanon carang sapakan, hampura anu diteda.
E. Assalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

18. Bagéan biantara anu sok aya dina mimiti caritaan nyaéta....
A. bubuka
B. eusi
C. panutup
D. salam
E. mukadimah

19. Bagéan biantara anu ngébréhkeun maksud biantara aya dina ... biantara.
A. bubuka
B. eusi
C. panutup
D. salam
E. mukadimah

20. Istilah atawa sebutan nu lain keur nu sok biantara diantarana....


A. penceramah
B. mubalig
C. da’i
D. orator
E. promotor

21. Dumasar kana kapentinganana biantara sok dikelompokeun kana....


A. resmi, teu resmi
B. pidato, ceramah
C. panjang, pondok
D. dakwah, ceramah
E. intérn, ékstérn

22. Tokoh biantara anu kakoncara kalawan sebutan “Dai Seribu Umat” nyaéta....
A. KH AF Gozali
B. KH Jujun Junaedi
C. KH Zaenudin MZ
D. Ir. Soekarno
E. Bung Tomo

23. Biantara anu eusina ngutamakeun soal kaagamaan atawa soal ibadah khusus disebut....
A. pidato
B. ceramah
C. naséhat
D. dialog
E. paguneman

24. Kalimah di handap kaasup kana bagéan biantara anu istilahna aya di handap iwal....

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa.... mung du’a anu ku simkuring diteda sareng sihapunten anu
kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

A. pangwilujeng
B. pangjajap
C. pangdo’a
D. pangwuruk
E. sanduk-sanduk

Bahasa Sunda .XI. Hal 3 dari 7


25. Supaya biantara nu ditepikeun alus maka nu biantara kudu Tatag Nyaritana hartina....
A. tétéla teu kararagok
B. detail
C. lengkep
D. lantang
E. tarik

26. Supaya biantara nu ditepikeun alus maka nu biantara kudu Aktual Témana. Salah sahiji ciri nu teu aktual
temana nyaéta....
A. témana kaayeunaan up to date
B. témana haneut keneh hot issue
C. témana sesuai jeung kaayaan
D. témana ukur nurutkeun kana kahayang waé
E. Témana dumasar kana kasang tukang acara nu diayakeun.

27. Biantara nu mundel eusina nyaéta....


A. eusina loba
B. eusina panjang
C. eusina loba ngandung manfaat
D. eusina saluyu jeung téma
E. eusina ngandung informasi

28. Biantara nu teu alus basana nyaéta...


A. Sopan teu ngagoréngkeun batur.
B. Ngandung papaés basa supaya ngeunaheun kadéngéna.
C. Maké kata mutiara atawa kekecapan pinilih.
D. Loba maké basa deungeun méh katingali pinter.
E. Saluyu jeung hadirin anu ngabandungan biantara.

29. Biantara nu maké wirahma nyaéta...


A. Eusina dihias ku lagu atawa pupujian.
B. Eusina ditambahan ku musik atawa marawisan.
C. Biantarana ramé sabab dipirig ku musik.
D. Omongan diatur gancang kendorna, tarik halona, jeung luhur handapna.
E. Maké nada supaya ngeunaheun kadéngéna.

30. Saméméh nyieun téks biantara kagiatan nu kudu diheulakeun nyaéta....


A. neangan sumber biaya
B. neangan narasumber
C. nyieun daftar pertanyaan
D. nangtukeun waktu
E. nangtukeun tema

31. Téma biantara biasana disaluyukeun jeung...


A. waktu kagiatan
B. waktu nyieun biantara
C. tempat biantara
D. tempat nyieun biantara
E. kasang tukang pangarang

32. Presidén Republik Indonesia nu kawentar ku biantara atawa oratorna nyaéta....


A. Ir. Soekarno
B. Soeharto
C. B.J. Habibie
D. Megawati Soekarno Putri
E. Jokowi

33. Milih topik biantara anu teu pati hadé nyaéta....


A. topik nu urang apal
B. topik nu urang resep
C. topik nu matak kataji hadirin
D. topik nu penting
E. topik nu geus biasa ditepikeun

34. Salam, mukadimah, pangwilujeng, jeung sanduk-sanduk biasana sok aya dina ... biantara.
A. bubuka
B. eusi
C. panutup
D. pangajeng
E. do’a

35. Disebut carita pondok sotéh duméh....


A. Bacaeuna laleutik teuing.
Bahasa Sunda .XI. Hal 4 dari 7
B. Kecapna teu pati loba dibanding novel mah.
C. Nyaritakeun nu pondok harepan.
D. Nyaritakeun nu pondok umur.
E. Nyaritakeun jalma anu di pondok.

36. Lamun ditilik tina palakuna, carita pondok téh palakuna....


A. Saeutik sabab caritana ogé teu ngarancabang
B. Dieusian ku rupa-rupa carita méh ramé
C. Lobaan da gampang néangan pikecapeunana
D. Saeutik sabab nyaritakeun masalah barudak
E. Nyaritakeun masalah rumaja

37. Wangun carita pondok asup kana sastra sunda minangka pangaruh tina sastra....
A. India
B. Walanda
C. Rusia
D. Perancis
E. Ekuador

38. Ari kumpulan carita pondok anu munggaran dina basa Sunda nyaéta...
A. Dogdog Pangréwong
B. Teman Duduk
C. Siti Nurbaya
D. Malin Kundang
E. Baruang Kanu Ngarora

39. Pasipatan goréng sarupaning licik, khianat, ceuceub, iri, dengki, hasud jsb. Kaasup kana watek palaku...
A. Soléh
B. Angkara murka
C. Protagonis
D. Antagonis
E. Égois

40. Pasipatan alus sarupaning nyaahan, béréhan, sopan, kumaula, jeung amis budi. Kaasup kana watek
palaku...
A. Soleh
B. Angkara murka
C. Protagonis
D. Antagonis
E. Egois

41. Minangka pangaruh kamekaran teknologi dina carpon nyaeta gumelarna ....
A. Fiksimini
B. Carpon Digital
C. Carpon Online
D. Ramatloka Pesbuk
E. Grup Basa Sunda

42. Saha nu ngaalpukahan gumelarna fiksimini teh?


A. Asep Sunandar Sunarya
B. Nunu Nazarudin Azhar
C. Mark Zuckerberg
D. Bill Gate
E. Google

43. Apan cenah karya sastra téh gambaran hirupna hiji bangsa. Tinangtu, mun réa macaan carpon Sunda
ogé urang bisa loba nyaho ngeunaan ....
A. Kahirupan urang Sunda jeung masalah-masalah sosialna.
B. Kahirupan bangsa deungeun jeung kamekarana
C. Sastra jeung cara mulasarana
D. Tarekahna alam dunya jeung eusina
E. Kahiupan sanggeus alam dunya

Keur nomer saterusna Ilo sempalan carita pondok di handap!


SI UJANG HAYANG KA KEBON BINATANG

“Din, isukan moal ka mamana?”


“Badé naon kitu, Pa?”
“Urang ka Taman Safari. Itu barudak cenah hayang ulin ka Taman Safari”
“Aduh kumaha nya, saleresna mah enjing teh abdi ogé badé ka Kebon Binatang sareng pun anak”
“Ka mana?”
“Muhun ka Kebon Binatang”
Bahasa Sunda .XI. Hal 5 dari 7
“Lah, atuh ka Kebon Binatang mah bisa engké da deukeut ieuh,” ceuk dunungan. “Jeung deuih, meungpeung
aya waktu wé Bapana. Minggu hareup mah apan rapat rutin ka Jakarta, Minggu hareupna deui, atuh
barudakna ogé geus baralik, geus arasup deui sakolana. Kumaha, Din?”
Lamun geus kitu, taya pilihan deui pikeun kuring, iwal ti nyebut “mangga”. Sabab anu ngaranna pamenta
dunungan téa, pikeun jalma modél kuring mah, ajénna sarua jeung paréntah.
“Heueuh, sukur wé atuh ari bisa mah,” ceuk dunungan, terus asup ka jero imah, ninggalkeun kuring anu terus
diuk ngahuleng dina jok urut gigireun garasi.
Ras ka si Ujang, anak sorangan hiji-hijina. Méh unggal waktu ngarenghik ngurihit hayang ka Kebon Binatang.
Ceuk pamajikan, cenah kapanasan ku Jang Iman, anak tatangga, anu Minggu kamari dibawa ka Kebon
Binatang ku bapana. Terus ngagul-ngagul pangalamanana salila di Kebon Binatang. Tayohna mah si
Ujang téh kabita. Da mani jigrah atuh basa di jangjian rék dibawa ka Kebon Binatang poé Minggu téh.
Ceuk pamajikan, teu sirikna dibéja-béja ka unggal hulu, yén “Ujang badé ka Kebon Binatang sareng
ApaUjang”. Ceuk pamajikan kénéh, Si Ujang tadi remen nanyakeun poe Minggu. “Ari Minggu teh iraha,
Ma?” Ketang, soal eta mah tadi oge isuk-isuk nanyakeun ka kuring, “Pa, Minggu téh énjing nya?”
Enya, isukan poé Minggu téh. Sakuduna mah nedunan paménta Si Ujang nu hayang ka Kebon Binatang
hayang nempo gajah, singa, maung, uncal, jeung monyét. Samarukna eusi Kebon Binatang téh ngan
sakitu, da ngan sakitu apalna mereun. Kacipta tetelepékna wé engké di Kebon Binatang, nanyakeun
sasaton, anu bisa jadi kakara nénjo harita manéhna mah. Budak umur lima taun jalan téa atuh, keur
meumeujeuhna célémbéng.
“Mang Udin, bésok téh jadi ka Taman Safari?” ceuk Néng Wida, incu dunungan. Kuring unggeuk.
“Asiiik ...,” ceuk budak téh bari asup ka imah. Torojol incu-incu dunungan nu séjén, tiluan, nanyakeun hal anu
sarua. Kuring unggeuk deui. Katémbong jaligrah.
“Kadé ulah poho Din, isukan téh urang isuk-isuk wé ti dieuna, ambéh salsé di dituna,” ceuk dunungan awéwé.
“Pariksa heula mobilna, bawa ka béngkél. Ayeuna asupkeun, engké soré bawa deui,” ceuk dunungan
lalaki. Kuring ngahaminan. “Mun aya nu kudu diganti, ganti wé, asupkeun kana bon kantor nya.”

44. Sanggeus ngilo éta carpon, naon pagawéan bapa Si Ujang téh?
A. Supir
B. Pagawé kantor
C. Bos
D. Tukang kebon
E. Pagawé kebon binatang

45. Ceuk pamajikan kénéh, Si Ujang tadi remen nanyakeun poe Minggu. “Ari Minggu téh iraha, Ma?”
Sasaruan tina kecap anu digaris handap nyaéta...
A. Réwél
B. Mindeng
C. Meureun
D. Sugan
E. Cenah

46. Dimana lumangsungna paguneman antara dunungan Mang Udin jeung Mang Udin anu nyaritakeun
rencana rek taman safari?
A. Di deukeut garasi
B. Di Dapur
C. Di Imah
D. Di Buruan
E. Di kebon binatang

47. Lamun dittiténan tokoh Si Ujang dina éta carpon téh ngabogaan watek....
A. Polos can sawawa
B. Sawawa
C. Rumaja
D. Loba nanya
E. Hésé ngarti

48. Saha palaku utama dina éta carita téh?


A. Si ujang
B. Mang Udin
C. Dunungan Mang Udin
D. Supir Mang Udin
E. Pamajikan Mang Udin

49. Umur Si Ujang nu bener nyaéta...


A. Opat taun leuwih
B. Lima taun
C. Lima taun leuwih sabulan
D. Genep taun
E. Dua belas taun

50. Paménta Si Ujang ka Mang Udin nyaéta...


A. Hayang ka Taman Safari
B. Hayang ka Kebon binatang
Bahasa Sunda .XI. Hal 6 dari 7
C. Hayang meuli sapatu anyar
D. Hayang meuli momobilan
E. Hayang meuli motor

Kunci Jawaban
1. ..A
2. ..E
3. ..C
4. ..B
5. ..A
6. ..B
7. ..D
8. ..A
9. ..D
10. ..E
11. ..C
12. ..A
13. ..A
14. ..A
15. ..E
16. ..D
17. ..A
18. ..E
19. ..B
20. ..E
21. ..A
22. ..C
23. ..B
24. ..A
25. ..A
26. ..D
27. ..C
28. ..D
29. ..D
30. ..E
31. ..A
32. ..A
33. ..E
34. ..A
35. ..B
36. ..A
37. ..B
38. ..A
39. ..D
40. ..C
41. ..A
42. ..B
43. ..A
44. ..A
45. ..B
46. ..A
47. ..A
48. ..B
49. ..A
50. ..B

Bahasa Sunda .XI. Hal 7 dari 7

Potrebbero piacerti anche