Sei sulla pagina 1di 2

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Nunda lauk dina karamba, parab hayam dina cecempeh, Anu dariuk cukup loba ngajawab salam teu
tamat kabeh.
Melak jati sisi leuweung dibanyuran pake cai, bisi tadi keur malaweng ajaran sakali deui
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Buuk Cepak sirah botak, kompak tapi jiga anu nyentak
Bapa-bapa salamna Ikhlas….?
Ibu-ibu anu ngawaler salamna ridho?
Mudah2an anu ikhlas tur ridho bari tarik ngawalerkeun salamna sing digampangkeun milik sareng
rizkina, Aamiin…
Sing enggal tiasa angkat ka tanah suci , Aamiin… Sing dikersakeun ku Allah sing lunas Hutang.
Aamiin… hehe meni bedas, beda aya pisan anu tarik sorana. Kaciri anu bedas sorana berarti
gede…. Tannaga.

                

Al-ayah, Shodaqollohu adziim, Wallohu a’lam bil murodih


Waqola Nabiyyu Saw

Al-hadits,
Shodaqollohu adziim, washodaqo rosuluhu nabiyyul karim, wanahnu a’ala dzalika minasy-syahidin
wasyakirin
Walhamdulillaahi robbil ‘alamiin. Amma Ba’du
Hadrotul kirom, Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun
simkuring.
Wabil khusus para A’lim ulama, para kiyai, guru2 urang sadayanan anu ku sim kuring dipihormat.
Mudah2n diparanjangkeun nyuswana Aamiin… sing ditambih2 sehat wal afiyat, tambih2 berkah
ilmuna, tambih2 milik rezekina Aamiin
Wabil khusus keluarga bapa Rahmat beserta ibu Tintin srg Ibu Diroh anu bade angkat ka tanah suci
anu ku sim kuring diperhormat, mugia aranjena dipasihan kasehatan, kasalametan, kelancaran dina
ngalaksanakeun ibdah hajina, mugia aranjena kenging haji anu mabrur , maqbullah. Aamiin
Oge ka para panitia, timpah sewu nuhun laksaketi kabingahan kana sagala rupi kasaean
bapa/ibu/saderek sadayana. Mudah2n sagala pengorbananana sing jadi tabungan amal shaleh
sampereun dipoe kiamah ani Insya Allah bakal ditukerkeun dipayuneun Allah sareng
kariodhoannana. Aamiin
Puji anu jadi panghias ati urang pintonkeun kanu maha suci, puja anu jadi panghias rasa urang
sanggakeun kanu maha kawasa, wireh nitis wanci anu mustari ninggang mangsa anu lugina, takdir
anu teu tiasa dipungkir kadar anu teu tiasa disinglar. Ngariung mumpulung, bongkok ngaronyok
sareng bapa2, ibu2 saderek sadayana diieu tempat teu aya sanes disamping nohonan panguleum
keluarga bapa Rahmat beserta ibu Tintin srg Ibu Diroh oge niat silaturrahiim sareng niat nyukcruk
ilmu panemu ngala pangabisa supaya urang bisa ngaronjatkeun iman jeung takwa ka Allah Swt,
Mugia … ngalangkahkeun 2 sampean ti masing2 bumina mudah2n janten amal, sing ditampi ku
Allah Swt janten amal ibadah anu shaleh. Amin Ya Rabbal alamiin
Rahmat sareng salam kawilujengan mugia tetep dilungsurkeun ka junjungan alam anu paling
pangnyongcolangna Rasul anu pinunjul anu jauh dimata namun selalu dekat dihati, paduka alam,
pemimpin tercinta, nabi termulia, pemimpin yang tak pernah makan siang selagi melihat umatnya
kelaparan yakni habibana wanaiyyana karim Nabi Muhammad Saw, ka para kulawargina ka para
sohabatna, ka para tabi’in2na ka para ulama2 sholihin katut kapara pengikut2na khusus kanu haladir
dieu tempat mudah2n urang sadayana kenging kana syafaat udzmana Rasululloh Saw.

Hadirin anu sami linggih, dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, dina ieu waktos
nguningakeun wireh simkuring bade ngatur waktu, nata acara anu Insya Alloh dipedar dina ieu
waktos.
1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi : Ustd. Ruhana
3. Biantara sareng pangdeudel diantawisna
 Perwakilan Keluarga :
 Ketua RW. 10 Babakanpala : Yayat Ruhiyat, S.Pd
 KBIH Manaarotul Ummah :
4. Tawasul : Aj. Anwar Nasihin
5. Taushiyah : K.H. Maftuh
6. Du’a/tutup
Supados henteu nyakolong teuing kana waktos, mangga ieu acara urang buka ku ‘aosan basmallah
sasarengan. BISMILLAHIRROHMANIRROHIM. Ku ngalangkungan kalimah basmallah nembé
ieu acara parantos dikawitan kalawan resmi.
Salajengna ngalincak kana acara anu kadua Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi,
supados ieu acara langkung-langkung ginuluran hibaring barokah, mangga urang sami-sami
ngaregepkeun kana galindengna aosan ayat-ayat suci Al Qur’an. Kalayan anu baris mancén tugas
maos Al Qur’an, sim kuring ngahaturanan ka …………
Para wargi sadaya, réngsé galindengna Ayat-ayat Al Qur’an anu parantos di’aoskeun. Pamudah-
mudahan ku ngalangkungan aosan ayat anu nembé barokah tina amanah anu dipopoyankeun tina
dawuhan Allah, urang sadaya masing tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah mandar aya dina
ridlo Allah SWT, amin.
Dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah. Ngalincak kana acara anu katilu, nyaéta
biantara sareng pang deudeul.
Kanggo biantara anu kahiji diancokeun kanggo Bapa ti perwakilan keluarga Bapa Rahmat/Ibu
Tintin sumangga dihaturanan

Potrebbero piacerti anche