Sei sulla pagina 1di 4

MA'NA MAULID NABI MUHAMMAD SAW.

‫ َم ْن يَ ْه ِد ِه‬،‫ت أ َ ْع َما ِلنَا‬ ُ ‫ َونَعُ ْوذُ بلله ِم ْن‬،ُ‫ِإ َّن ْال َح ْمدَ هلل ن َْح َمدُهُ َونَ ْست َ ِع ْينُهُ َونَ ْست َ ْغ ِف ُره‬
َ ‫ش ُر ْو ِر أ َ ْنفُ ِسنَا َو ِم ْن‬
ِ ‫سيِئَا‬
ُ‫ِي لَه‬ ْ ُ‫ض َّل لَهُ َو َم ْن ي‬
َ ‫ض ِل ْل فَ ََل هَاد‬ ِ ‫هللا فَ ََل ُم‬
ُ ‫ َوأ َ ْش َهدُ أ َ َّن ُم َح َّمدًا َع ْبدُهُ َو َر‬،ُ‫أ َ ْش َهد ُ أ َ ْن ََل إله إَل هللا َو ْحدَهُ ََل ش َِري َْك لَه‬
ُ‫س ْولُه‬
‫ان ِإلَى َي ْو ِم القيام ِة‬ ٍ ‫س‬ ْ َ ‫سل ْم َعلى سيدنا ُم َحم ٍد َو َعلى آ ِل ِه ِوأ‬
َ ‫ص َحا ِب ِه َو َم ْن ت َ ِب َع ُه ْم ِبإ ِ ْح‬ َ ‫اَللَّ ُهم‬
َ ‫صل َو‬
َ‫َّللاَ َح َّق تُقَاتِ ِه َوَل ت َ ُموت ُ َّن إَِل َوأ َ ْنتُم ُم ْس ِل ُمون‬ َّ ‫ اتَّقُوا‬. َ‫اض ُر ْون‬ ِ ‫( ا َ َّما بَ ْعدُ ) فَيَا اَيُّ َها ْال َح‬.

Hadirin Rohimakumulloh !
Ayeuna urang nincak dina sasih anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu pinuji,
nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. anu namina tos dikenal di alam malakut saméméh diciptakeunna Nabi
Adam as. Kitu, saur sapalih katerangan. Nu akibat lahirna kanjeng Nabi téh ngahiliwirkeun angin katiginan
pikeun migusti pangéran nu sahiji nyaéta Alloh Robbul Izzaty. Nu akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa
kasadaran pikeun manusa sangkan sadar, pasrah, sadrah bari sumerah ka Alloh Jalla jalalah. Nya Anjeuna pisan
nu nyébor sagara keusik kajahiliyyahan ku cai kaimanan sareng katauhidan, sahingga manusa apal kana arti
kamanusaan, tur apal ka saha nu kudu dijadikeun panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu
kudu dijadikeun Pangéran. Kaping 12 énjing-énjing dina dinten senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu
ka masyhur, Atanapi kaping 20 sasih April taun 571 masehi.
Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan kanjeng Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam
dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon
Nabi. tur minangka panyambutan kana babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan. Hiji manusa nu bakal jadi
pamingpin nu paling suksés diantara para pamingpin nu aya di sakuliah alam dunya. Diantarana baé nyaéta
pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia, ogé kaahéngan-kaahéngan sanésna, saperti
sumujudna sakabéh makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana panca tengah nu
minangka sujud kahurmatan, dugi ka daun nu ragrag tina dahan tangkal cicing ngajeten teu jadi ragrag antara
dahan ka taneuh.

Hal ieu nandakeun yén babarna kanjeng Nabi Muhammad saw. disambut ku panghurmatan nu kacida agungna.
Nu jadi pertanyaan pikeun urang sadayana ayeuna, naon nu kudu dicandak tur dijadikeun palajaran dina sajarah
sasih Robi'ul Awal ieu, nu dilebetna aya sajarah agung, nyatana babarna panutan urang sadayana kanjeng Nabi
Muhammad saw.?. Kukituna didieu urang sadaya kedah emut tugas naon Kanjeng Nabi Muhammad saw. di
utus ka alam dunya.
Jawabana aya dina ayat ka-28, dina surat Al-Fath :

‫ِين ِك ُِل ِه َو َكفَى ِباهلل ِش َِه ْيدًا‬ َ ‫ق ِليُ ْظ ِه َرهُ ع‬


ْ ‫َلى الد‬ ِ ‫س ْولَهُ ِبا ْل ُهدَى َو ِد ْي ِن اْل َح‬ َ ‫ِي أ َ ْر‬
ُ ‫س َل َر‬ ْ ‫ُه َو ألَّذ‬
“Nya anjeunna nu ngutus Rasul-Na, kalawan mawa pituduh jeung agama nu haq (bener), pikeun Anjeunna
ngunggulkeun éta agama batan agama sakabéh agama-agama, jeung cukup Alloh nu jadi saksina”.
Didieu aya dua bekel/amanat nu jadi alat para Rasul kalebet Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w dina ngajalankeun
tugas karosulanana, jeung hiji tugas nu kudu dilaksanakeun. Naon Dua bekel téh?
Nu kahiji ‫ أَ ْل ُهدَى‬hartina pituduh. Pituduh naon ? Apanan tugas Nabi téh nuduhkeun ka manusa pikeun migusti
pangéran nu sahiji ku kalimat ‫( َ َِلإلَهَ ِإ ََّلهللا‬Teu aya pangéran nu wajib disembah anging pangéran nu sahiji nyatana
Alloh). Da hakékatna mah para Nabi jeung Rosul diutus téh, taya kajaba sami pikeun nuduhkeun kalimat
Tauhid tadi. Hal ieu téh dina raraga ngélingan manusa supaya éling kana purwa daksi, nu baheula éta kalimat
tauhid geus jadi ikrar sakumaha dina asal kajadian, apanan urang téh geus ariman tur geus be’at langsung
dipayuneun Alloh Ta’ala, yén urang téh moal rék midua anjeun-Na, urang tos ikrar dina mangsa aya dina alam
ْ ‫ ?أَل‬urang saréréa ngajawab َ‫بلَى ش َِهدنَا‬.
rahim nalika Alloh naros ‫ستُ ِب َر ِب ُك ْم‬
Malihan saur sapalih katerangan, yén jiwa manusa téh asalnamah mibanda “Lathifatur-Robbaaniyyah” (cahaya
ka-Pangéranan), nu hartina kacida deukeut hubunganna jeung Alloh Ta’ala, salawasna teu weléh-weléh
ngaagungkeun, tur nyucikeun Alloh, tur nu dipikanyaho ku roh jiwa manusa téh anging Alloh wungkul. Tapi,
sanggeus roh jiwa manusa diasupkeun tur aya hubungan jeung jasad, didieu roh jiwa manusa téh nyaho yén aya
nu séjén salian ti Alloh s.w.t. Tur didieu pisan titik awal tumuwuhna naon nu disebut “poho”. Poho kana asal
kajadianana salaku jiwa nu mibanda “"‫( لطيفة الربانية‬cahaya ka-Pangéranan), maranéhna poho kana tugas nu kudu
dilaksanakeun tina mangpirang-pirang paréntah Alloh atawa kabiasaan nu geus dilaksnakeun saméméh
maranéhna diasupkeun kana jasad téa.

Maka ku sabab éta pisan perlu ayana peringetan/pengéling-ngéling, nya Alloh ngirim/ngutus para rasul kalebet
Rosululloh saw. sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Adz-Dzariyat ayat 55:

‫الذك َْرى فَ ِإ َّن َوذَ ِك ْر‬


ِ ‫اْل ُم ْؤ ِمنَ ْي َن ت َ ْنفَ ُع‬

“Bere pangéling-ngéling ku Anjeun (Muhammad) saéstuna pangéling-ngéling éta kacida aya manfa’atna pikeun
jalma-jalma nu ariman”
Jadi, Ngalaksanakeun sagala nu dipépélingkeun atanapi nu di tuuduhkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw.
boh nu bentukna larangan atawa paréntah éta téh mangrupakeun wasilah atanapi cukang lantaran pikeun
nagberesihkeun haté, jiwa jeung perasaan nu kacida gedé manfaatna. Manfaat pikeun Jiwa urang sadayana nu
tadina saméméh dibungkus ku jasad, dina kaayaan beresih tur suci, tuluy jadi kotor ku akibat kaeunteupan
panyakit “poho kana purwadaksi” téa, poho kana kaayaan awal kajadian. tah ku jalan urang ngalaksanakeun
pepéling atanapi pituduh tegesna "‫ "أ َ ْل ُهدَى‬nu sumpingna ti Kanjeng Nabi Muhammad saw. nu mangrupakeun alat
pikeun ngaberesihkeun jiwa, maka urang bakal bisa deui balik deui kana kajadian awal urang tur bakal tepung
ِ ‫" ِدي ِْن اْل َح‬
nyaksian ‘Al-Haq” nyatana Alloh Ta’ala siga béheula. Nu kadua bekel nu dicandak téh nyaéta " ‫ق‬
(agama nu haq nu dipikaridho ku Alloh s.w.t), agama nu mana ? nu jelasmah agama Islam sakumaha dawuhan
Alloh: "Innad-Diina 'Indalloohil-Islaam" (saéstuna agama nu dipikaridho ku Alloh téh nyaéta Agama
Islam).jadi mun ukur agama Islam nu Haq, da hakékatnamah sadaya agama samawi nu diturunkeun ku Alloh
sadayana ogé ajaran agama Islam ngan nami "Islam" di anggé ku nami agama nu dicandak ku Kanjeng Nabi
Muhammad saw. tur mangrupakeun panyampurna agama-agama nu saméméhna. Malihan Alloh ngajelaskeun
dina Dawuhan-Na-na

ُ‫غي َْر اْ ِإل ْسالَ َم ِد ْينًا فَلَ ْن ُي ْق َب َل ِم ْنه‬


َ ِ‫و َم ْن يَّ ْبتَغ‬....
َ
(Jeung sing saha jalamana nu neangan agama salian ti agama Islam maka ku kami (saur Alloh) bakal di tolak
tegesna moal ditarima).
Hadirin Rohimakumulloh !
Islam téh agama nu nyandak kana kasalametan, ngajarkeun kapasrahan total, saluyu sareng arti "Islam" nyatana
"kasalametan/kasejahteraan". Nyandak kana kasalematan didieu, hartina yén islam téh teu nyasarkeun jalma nu
ngagemna, sabab ajarana réalistis saluyu reujeung kamanusaan. Teu aya sakedik ogé ajaran Islam nu
nyilakakeun, kabéh ogé méré kauntungan, kabagjaan pikeun jalma nu ngalaksaakeunana.tur agama islam ogé
ngajarkeun kana kasaimbangan hirup, hartosna hirup urang téh ulah katungkul teuing ku dunya, sahingga urang
kaasup kana golongan jalma-jalma nu teu katipu ku kaéndahan alam dunya nu sifatna samentara, ni sifatna
keuna ku rusak. Tapi urang kudu inget yén hirup téh lain didunya wungkul, tapi urang sadaya bakal asup ka
alam nu bakal jadi pangbalikan urang, alam nu langgeng abadi nyatana akhérat. Tah dina Islam diajarkeun
kumaha carana urang sangkan salamet di dunya ogé salamet diakhérat. Nu akhirna urang sadaya bakal meunang
karidhoan ti nu mikaridho kana agama nu ku urang di agem nyatana Alloh s.w.t.
Tah didieu tugasna para rasul pikeun némbongkeun kaagungan agama nu haq agama nu bener téa, nyatana
agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. Kalebet Kanjeng Nabi Muhammad saw. tos némbongkeun ka urang
sadayana kana agungna ajaran agama Islam, kukituna mangga urang sami-sami ngajaga bari ngalaksanakeun
ajaran-ajaran agama Islam kalayan saleres-leresna. Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma-jalma nu
dipikaridho ku Alloh ku sabab wasilahna urang sadaya jadi jalma nu Muslim bari ngalaksanakeun ajaran ka
islaman, agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. tur mudah-mudahan hidayah nu tos ngancik di diri urang mugia
sing tetep ayana, dikuatkeun ku Alloh s.wt. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Alamin.

‫س ِم ْي ُع ْالعَ ِل ْي ُم‬
َّ ‫ت َوال ِذ ْك ِر ْال َح ِكي ِْم َوتَقَبَّ َل ِمنِى َو ِم ْن ُك ْم تَِلَ َوتَهُ اِنَّهُ ُه َو ال‬
ِ ‫ار َك هللاُ ِل ْي َولَ ُك ْم بِاْاآليَا‬
َ َ‫ب‬
‫ا َ ْل َح ْمدُ هلل َح ْمدًا َكثِي ًْرا َك َما ا َ َم َر‪ .‬ا َ ْش َهدُ ا َ ْن ََل ِالَهَ ِا ََّل هللا َو ْحدَهُ ََل ش َِري َْك لَهُ اِ ْرغَا ًما‬
‫اْل ْن ِس َو‬ ‫س ْولُهُ َو َح ِب ْيبُهُ َو َخ ِل ْيلُهُ َ‬
‫س ِيد ُ ْ ِ‬ ‫ِل َم ْن َج َحدَ َو َكفَ َر‪َ .‬و ا َ ْش َهدُ ا َ َّن ُم َح َّمدًا َع ْبدُهُ َو َر ُ‬
‫سلَّ َم ت َ ْس ِل ْي ًما‬
‫ص َحا ِب ِه َو َ‬ ‫ار ْك َعلَى ُم َح َّم ٍد َو َعلَى ا َ ِل ِه َو ا َ ْ‬ ‫س ِل ْم َو بَ ِ‬ ‫ص ِل َو َ‬ ‫ْالبَش َِر‪ .‬اَللَّ ُه َّم َ‬
‫َكثِي ًْرا‪.‬‬
‫ار َم ْاْل ُ ُم ْو ِر َو يَ ْك َرهُ‬ ‫ب َم َك ِ‬ ‫ا َ َّما بَ ْعدُ‪ ،‬فَيَا ِعبَادَ هللا اِتَّقُ ْوا هللا َو ا ْعلَ ُم ْوا ا َ َّن هللا يُ ِح ُّ‬
‫ب ِم ْن ِعبَا ِد ِه ا َ ْن يَّ ُك ْونُ ْوا فِى ت َ ْك ِم ْي ِل اِ ْس ََل ِم ِه َو اِ ْي َمانِ ِه َو اِنَّهُ ََل يَ ْهدِى‬ ‫سفَا ِسفَ َها يُ ِح ُّ‬ ‫َ‬
‫ْت‬‫صلَّي َ‬ ‫ار ْك َعلَى ُم َح َّم ٍد َو َعلَى ا َ ِل ُم َح َّم ٍد َك َما َ‬ ‫س ِل ْم َو بَ ِ‬
‫ص ِل َو َ‬ ‫ْالقَ ْو َم ْالفَا ِس ِقيْنَ ‪ .‬اَللَّ ُه َّم َ‬
‫ت َعلَى اِب َْرا ِهي َْم َو َعلَى ا َ ِل اِب َْرا ِهي َْم ِفى ْالعَالَ ِميْنَ اِنَّ َك َح ِم ْيدٌ َم ِج ْيدٌ‪.‬‬ ‫ار ْك َ‬ ‫ت َو بَ َ‬ ‫سلَّ ْم َ‬
‫َو َ‬
‫اء ِم ْن ُه ْم َو‬ ‫ت َو ْال ُم ْس ِل ِميْنَ َو ْال ُم ْس ِل َما ِ‬
‫ت ا َ ْْل َ ْحيَ ِ‬ ‫اَللَّ ُه َّم ا ْغ ِف ْر ِل ْل ُمؤْ ِمنِيْنَ َو ْال ُمؤْ ِمنَا ِ‬
‫ي ْال َحا َجاتِ‪ .‬اَللَّ ُه َّم َربَّنَا ََل ت ُ ِز ْ‬
‫غ‬ ‫اض َ‬ ‫ت َو قَ ِ‬ ‫ْب الدَّع َْوا ِ‬ ‫ْب ُم ِجي ُ‬ ‫س ِم ْي ٌع قَ ِري ٌ‬ ‫ت اِنَّ َك َ‬ ‫ْاْل َ ْم َوا ِ‬
‫اب‪َ .‬ربَّنَا ََل ت َ ْجعَ ْل فِى‬ ‫ت ْال َو َّه ُ‬ ‫قُلُ ْوبَنَا بَ ْعدَ اِ ْذ َهدَ ْيتَنَا َو َه ْبلَنَا ِم ْن لَدُ ْن َك َر ْح َمةً اِنَّ َك ا َ ْن َ‬
‫اجنَا َو ذُ ِريَّ ِتنَا‬ ‫ف َّر ِح ْي ٌم‪َ .‬ربَّنَا َه ْبلَنَا ِم ْن اَ ْز َو ِ‬ ‫قُلُ ْوبَنَا ِغ اَل ِللَّ ِذيْنَ اَ َمنُ ْوا َربَّنَا اِنَّ َك َرؤُ ْو ٌ‬
‫سنَةً َو‬ ‫سنَةً َو فِى ْاآل ِخ َرةِ َح َ‬ ‫اجعَ ْلنَا ِل ْل ُمت َّ ِقيْنَ اِ َما ًما‪َ .‬ربَّنَا اَتِنَا فِى الدُّ ْنيَا َح َ‬ ‫قُ َّرة َ ا َ ْعيُ ٍن َو ْ‬
‫اب النَّ ِ‬
‫ار‬ ‫قِنَا َعذَ َ‬
‫ع ِن ْالفَ ْحش ِ‬
‫َاء‬ ‫اء ذِى ْالقُ ْربَى َو يَ ْن َهى َ‬ ‫ان َو اِ ْيت َ ِ‬‫س ِ‬ ‫ِعبَادَ هللا! اِ َّن هللا يَأ ْ ُم ُر ِب ْالعَ ْد ِل َو ْ ِ‬
‫اْل ْح َ‬
‫ظ ُك ْم لَعَلَّ ُك ْم تَذَّ َّك ُر ْونَ فَا ْذ ُك ُر ْوا هللا ْالعَ ِظي َْم يَ ْذ ُك ْر ُك ْم َو ا ْش ُك ُر ْوهُ‬ ‫َو ْال ُم ْن َك ِر َو ْالبَ ْغ ِى يَ ِع ُ‬
‫صت ‪.‬‬ ‫َعلَى نِعَ ِم ِه يَ ِز ْد ُك ْم َو لَ ِذ ْك ُر هللاِ ا َ ْكبَ ُر َو هللاُ يَ ْعلَ ُم َما َن ْ ُو َعن ْ َ‬

Potrebbero piacerti anche