Sei sulla pagina 1di 1

Assalamualaikum wr. wb.

Bapak guru anu ku simkuring dipihormat sareng rerencangan anu ku simkuring


banggakeun, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah SWT nu
maha Esa, anu tos masihan rohmat sareng hidayahna ka urang sadaya. Ku kituna ayeuna tiasa
ngumpul di ieu tempat.
Hadirin sadayana, simkuring didieu bade ngadugikeun hal-hal anu aya patalina sareng
kabersihan. Terutami kabersihan di lingkungan sakola ieu. Sakumaha anu atos kauninga ku
urang sadaya, kabersihan di sakola ieu teh teu acan maksimal, hartosna kerja sama antara
penjaga sakola sareng siswa na masih keneh kiran. Unggal dinten penjaga sakola ngabersihan
lingkungan sakola, tapi masih aya keneh wae siswa anu miceun sampah sembarangan.
Padahalmah anu disebat penjaga sakola teh urang sadaya salaku warga sakola ieu. Masalah
kabersihan di ieu sakola sering dibahas di satiap amanat upacara bendera dinten senen.,
waktos bapak kepala sakola ngadugikeun bahwa aya rencana ngaleungitkeun sadaya tempat
sampah anu aya di sakola ieu, diharepkeun warga sakola tiasa langkung bertanggung jawab
kana kabersihan di ieu sakola, supados tiasa kacapai anu disebatna sakola sehat. Simkuring
satuju pisan dina ayana rencana ieu. Kukituna, hayu urang sadaya ngajaga kabersihan
lingkungan sakola, demi kagiatan diajar sehari-hari anu langkung nyaman.
Hadirin sadaya, dicekapkeun sakieu pidato ti simkuring, bilih aya basa anu kirang entep
seureuhna, atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunteun.

Wassalamualaikum wr. wb.

Potrebbero piacerti anche